Safari Romadon, Tarling, jeung Hirup Sauyunan



Safari Romadon, idiom anu teu bisa dipisahkeun jeung mangsa Orde Baru. Bisa disebut tradisi, sok sanajan asal-muasal bralna dipangaruhan ku sikep politis pamaréntah mangsa harita. 

Disebut tradisi, duméh calagara Safari Romadon ieu masih dilakonan ku pamaréntah unggal bulan puasa ti taun ka taun.

Kuring sorangan mimiti wanoh kana idiom Safari Romadon nalika nincak sakola SMP. Pédah dina televisi, Menteri Penerangan Harmoko ngabéwarakeun, pamaréntah baris ngalakonan buka puasa jeung salat tarawéh ka sababaraha masjid anu aya di wilayah/daérah. 

Ku Menteri Harmoko, éta calagara taunan dibéré jejer: Safari Romadon.

Masyarakat muslim geus tangtu méré peunteun alus kana tékad pamaréntah samodél kitu. Masyarakat méré harti, geuning pamaréntah mangsa harita mémang merhatikeun pisan kana kabiasaan alus anu dilakonan ku masyarakat muslim. 

Sabab, nilik kana sajarah, ti saprak kajadian atawa tragedi Tanjung Priok, teu saeutuik kelompok Islam Politis ngamandangkeun yén pamaréntah kurang simpati ka umat Islam.

Padahal, pamaréntah mangsa harita anu diluluguan ku kelompok Nasionalis sabenerna dieusi ku jalma-jalma, sebut baé para gegedén anu ngagem kayakinan Islam. 

Ti mimiti présidén nepi ka kabinét Orde Baru, mayoritas ngagem agama Islam. Jadi, kacida patukang tonggong lamun aya kelompok anu nuding pamaréntah teu miboga simpati ka umat Islam.

Wacana samodél kitu, nepi ka danget kiwari masih sok dikamandangkeun kénéh nalika hiji kelompok nuding anu lain-lain ka pamaréntah. 

Isu agama mémang masih mangrupa isu anu séksi keur dipaké mungkus atawa ngedokan kapentingan hiji kelompok. 

Ngan mémang lain hal anéh, kacida logis pisan, da nilik kana angka statistik, umat Islam di ieu nagara mangrupa mayoritas.

Ti mangsa Orde Lama ogé, para inohong sabeberna geus narékahan sangkan antara nagara jeung agama teu bisa dipisahkeun. 

Umpamana, salah saurang inohong Nahdlatul Ulama, Kyai Wahab Hasbullah, méré kamandang ka Bung Karno sangkan pihak Istana Nagara ngayakeun gempungan, ngondang para inohong ti kabéh golongan sangkan silih bébaskeun lahir jeung batin sababaraha poé réngsé Idul Fitri. 

Tradisi anyar mangsa harita nepi ka danget ieu masih dilakonan dina jejer “Hahalbihalal”.

Para inohong anu kabeungkeut ku konsep wasatiyah (moderat) mémang geus bisa neuleuman sajarah peradaban manusa. Anu matak ngabralkeun tradisi anyar salila jeung sanggeus puasa. 

Umpamana baé, Éropa dina abad pertengahan nepi ka abad ka 16 geus ngawujud jadi hiji benua anu dipinuhan ku pacogrégan dilantarankeun ku dua éntitas kahirupan anu teu bisa silih rojong, antara lembaga agama jeung pranata pengaweruh.

Teu jauh jeung tradisi “Halalbihalal”, kabiasaan Safari Romadon anu dieusi ku buka bersama jeung tarling (tarawéh keliling) geus sagulung-sagalang jeung kahirupan di masyarakat. 

Ngahijina unsur pamaréntah jeung masyarakat. Da tujuan utama diayakeun Safari Romadon ku pamaréntah ogé geuningan miboga niat alus: silaturahmi atawa ngaraketkeun diri antara pamaréntah jeung masyarakat.

Malahan, sangkan raketna téh bener-bener pageuh, dina tiap calagara Safari Romadon, pamaréntah geus pasti méré mawéh bantuan ka DKM Masjid.

Hal ieu nyirénkeun, yén pamaréntah bener-bener boga rasa paduli jeung merhatikeun kana kagiatan kaagamaan di masyarakat.

Sabalikna, masyarakat salaku “tuan rumah” anu kadatangan sémah ti dayeuh, nempatkeun diri salaku sohibul bait anu sopan, miboga tata krama, tata jeung titi, duduga jeung peryoga.

Ngabagéakeun sémah ku sikep soméah handap asor, henteu ngantep pamaréntah, susuguh ogé diasongkeun. Kadaharan anu disayagikeun téh meureun hayang kaasaan ku ménak ti dayeuh.

Pamaréntah Kota Sukabumi, geus ngajadwalkeun Safari Romadon ke tiap kecamatan. Nepi ka kuring nulis ieu artikel, geus tilu kecamatan anu nyalagarakeun Safari Romadon, nyaéta: Lembursitu, Baros, jeung Cibeureum. 

Geus pasti, di tiap kecamatan miboga kisah jeung carita séwang-séwangan.

Mudah-mudahan lamun katanagaan jeung aya lolongkrang waktu, kisah jeung carita di tiap kecamatan salila ngalakonan Safari Romadon urang pedar hiji-hiji. 

Lain nanaon, sangkan tradisi alus salila bulan puasa ieu miboga spéktrum anu leuwih jembar. Yén hirup sauyunan, rempug jukung antara pamaréntah jeung masyarakat téh mangrupa tanaga anu bedas keur mawa ieu wewengkon kana kamajuan. 

Lamun ceuk basa kontémporérna mah keur ngaronjatkeun “pembangunan inklusif dan berkelanjutan”.

Posting Komentar untuk "Safari Romadon, Tarling, jeung Hirup Sauyunan"