Pamaréntah Pusat dina mangsa Orde Baru masih kumawasa geus biasa ngayakeun calagara “Safari Romadon”, kagiatan anu diluluguan langsung ku présidén. Safari Romadon biasana dilakonan ku cara ngadatangan masjid jami tiap provinsi anu geus diagéndakeun bakal kadatangan ku présidén. Cindekna, bulan puasa dijadikeun tali pameungkeut antara pamaréntah jeung rahayat.
Malahan, nalika Gerakan Aceh Merdeka keur meujeuhna angot, Présiden Soeharto mah ngahaja ngayakeun Safari Romadon ka Daérah Istiméwa Aceh. Hiji tarékah keur ngomunikasikeun ka rahayat Acet yén Pamaréntah Pusat henteu ngabéda-béda ka tiap provinsi. Euweuh anu disebut istilah Jawaséntris, nu aya nyaéta pangwangunan keur rahayat sagemblengna atawa Pembangunan Rakyat Semesta.
Calagara Safari Romadon disiarkeun langsung ku TVRI ti mimiti acara dibuka nepi ka réngséna. Poé isukna diiberkeun deui dina galura anu sarua minangka headline Berita Nasional. Iwal keur ngayakinkeun ka rahayat yén Pamaréntah Pusat bener-bener mihak ka Islam, ogé ditujukeun keur ngélah tudingan ti sababaraha kelompok Islam Fundaméntalis anu nyebutkeun rézim Orde Baru ngamusuhan umat Islam.
Nya lamun bener-bener dilenyepan mah, pamohalan ogé Pamaréntah anu dipinuhan ku pajabat anu ngagem agama Islam tapi kudu ngamusuhan ka umat Islam. Biasana kamandang modél kieu dibralkeun ku kelompok Islam Transnasional anu rumasa éléh panggung politik, euweuh kaitanna jeung hirup kumbuh Islam di ieu nagara. Buktina, umat Islam angger bisa ngalaksanakeun ibadah kalawan nyalsé, nedunan puasa, jeung mintonkeun sikep suka bungah dina waktu lebaran.
Calagara Safari Romadon ogé antukna dilakonan ku Pamaréntah Daérah ku ngayakeun tarawéh keliling, malahan ieu calagara masih dilakonan nepi ka kiwari. Di ténjo ku spéktrum politis, kagiatan rutinan dina bulan puasa ieu miboga maksud penting, dina mangsa Orde Baru tujuanna keur mancegkeun tatapakan kakawasaan nepi ka wewengkon paling handap daérah. Sebut baé hilirisasi politis.
Lain hal anéh, réngsé solat tarawéh sok dituluykeun ku biantara jeung sambutan ti para gegedén, ti mimiti wali kota, ketua DPRD, nepi ka camat. Kabéh pajabat biasana nngaguar pangwangunan anu geus walatra, tarékah ka hareup pamaréntah kalawan program REPELITA, jeung ajakan sangkan masyarakat milih Golongan Karya dina mangsana Pemilu.
Keur barudak anu masih nongtot lého mah, kadatangan ku gegedén ti dayeuh ka masjid jami di lemburna anu jelas mah atoh anu aya. Kadatangan gegedén mangrupa sinyal alus; jalan bakal diaspal, gang bakal dioméan, kantor désa bakal diréhab, pos ronda ogé bakal diwangun, jamban masjid bakal dialusan, jeung sakola bakal dirénovasi.
Keur para nonoman anu geus sawawa jeung cukup umur, calagara Safari Romadon jeung Tarawéh Keliling dibéré harti: pamaréntah bakal muka lowongan pagawéan, bantuan program padat karya, jeung ngocorkeun bantuan keur karang taruna jeung kagiatan kapamudaan di lembur. Kadatangan para gegedén ampir sarua jeung turunna para déwa ti kahyangan anu bakal méréskeun pasualan di luhureun Bumi, kitu jigana.
Kagiatan kanagaraan jeung kapamaréntahan salila bulan puasa henteu mawa pangaruh kana sumangetna masyarakat dina nyanghareupan bulan puasa. Sabab, antara perkara ibadah jeung politis mémang teu bisa sagulung-sagalang, perkara anu papisah jeung béda tatapakan. Masyarakat ogé heunteu dimeunangkeun ngaguar pasualan politis sakareup maranéhna. Sok sanajan miboga hak, tapi lamun pasualan politis diguar ku patani atawa tukang warung nya jejerna bakal mancawura teu puguh.
Henteu jauh béda jeung mangsa Orde Baru, ti mimiti éra réformasi nepi ka kiwari, calagara Tarawéh Keliling tetep dilakonan ku pamaréntah. Ti mimiti présidén, menteri, gubernur, wali kota, jeung bupati geus ngaagéndakeun masjid jami mana anu kudu didatangan keur ngayakeun solat tarawéh babarengan jeung masyarakat. Masjid anu kadatangan ku para gegedén biasana sok meunang bantuan, diserahkeun ka ketua DKM.
Masyarakat anu béda pilihan dina mangsa Pilprés jeung Pilkada teu riweuh, biasa baé. Kadatangan para gegedén ditafsirkeun ku masyarakat mangrupa tindakan atawa sikep anu mémang sakuduna dilakokan ku pamaréntah, kudu boga rasa paduli ka masyarakat anu narima paréntah.
Ngan ti sagigireun éta, biasana jeung geus biasa, sok aya jalma anu milu nyair jeung ngala untung dina kagiatan, lamun ceuk barudak mah milu nébéng, ngamangfaatkeun moméntum keur nyosialisasikeun dirina ka masyarakat kusabab boga maksud arék nyalonkeun jadi anggota déwan. Hiji hal anu némbongkeun sikep kurang “fair” atau henteu pér, ngagunakeun calagara kaagamaan keur tujuan pribadi atawa kelompokna.
Sakali deui, barudak anu masih nongtot lého moal apal kana intrik jalma-jalma politis modél kitu. Keur barudak mah, anu penting bisa sasalaman sabari panggih langsung jeung pamingpinna, jeung para gegedén. Bisa nénjo langsung gubernur, wali kota, jeung bupati, anu saméméhna ngan saukur katingali dina TV atawa ngajareblag dina baliho jeung almenak.
Cag…!
Posting Komentar untuk "Puasa Poé Katilu: Safari Romadon"