Batagor Mang Udin




Bisnis atawa usaha kulinér moal waka aya bérésna salila dirojong ku sababaraha hal. Kahiji, aya usaha anu dijalankeunna. Kadua, aya pasarna jeung jalma anu mikabutuh kana kadaharanna. Katilu, perékonomian keur ngaronjat atawa tumuwuh kusabab teu kaganggu ku résési. pandémi, jeung hal anu lianna.

Ngan saha atuh jalmana anu teu resep kana kadaharan. Sok komo salah sahiji tanda mahluk hirup téh merlukeun kadaharan jeung inuman. Ti saprak aya jeung nyicingan ieu alam dunya, jalma mémang teu bisa leupas jeung anu ngaranna kadaharan. Sakapeung sok disebut hakaneun.

Usaha kulinér geus lumangsung ti iraha boa di ieu wewengkon. Sanajan asalna mah masyarakat di urang nyieun rupaning kadaharan téh keur ngareuah-reuah hiji calagara, ngan kadieunakeunna mah rupaning kadaharan téh iwal bisa diolah ogé bisa dipasarkeun.

Sok kalalajoan dina film-film kolosal klasik, para pendékar ngaradon ngopi atawa nyaraneut di warung kopi sisi lembur. Hal ieu nétélakeun usaha kulinér mémang geus aya ti jaman baheula.

Taun 80-an, nalika kuring masih budak, isuk-isuk geus ramé, anu daragang réang nawarkeun kadaharan jualeun. Ti mimiti pisang (cau anu di goréng), goréngan saperti pépéték atawa péyék, jeung sajabana. Dagangna diiderkeun, disuhun luhureun sirah, wadahna biasana nyiru atawa cécémpéh. Anu dagang bubur mah geus matuh di sisi jalan, da geus ngagunakeun tanggungan.

Kadieunakeun mah dagang bubur jeung kupat sayur ogé teu ditanggung deui. Jalan geus diaspal, anu dagang bubur jeung kupat sayur geus ngagunakeun gorobag, sangkan teu beurat teuing ditatanggung.

Éta kaayaan di lembur. Di dayeuh mah geus tangtu leuwih ramé alabatan di lembur. Teu kudu dicaritakeun, sok sanajan kadaharan anu dijual geus tangtu moal jauh béda jeung anu diiderkeun di lembur.

Évolusi Kadaharan



Sababaraha taun saméméh réformasi, can pati euyeub ku rupaning kadaharan modérn. Fried Chicken, Hamburger, Hot Dog, jeung Pizza ogé mimiti muka cabang di Sukabumi dina taun 90-an katompérnakeun.

Ngan aya sababaraha kadaharan anyar mimiti jul-jol, salah sahijina nyaéta Batagor. Ieu kadaharan mangrupa akronim tina Baso Tahu Goréng, sanajan raga badag aslina mah dina sapiring Batagor téh lain saukur dieusi ku Baso Tahu Goréng wungkul. Da buktina mah, sok ditambahan ku bonténg jeung kulub endog.

Ka lembur mah can kasorang ku kadaharan anu dibéré ngaran Batagor. Dina taun 90-an masih jarang anu dagangna ogé. Nepi ka taun 2004 ogé mun hayang Batagor, kudu ngahaja ulin ka dayeuh. Lamun teu ngahaja ulin, biasa sok ngahaja nyimpang ka Batagor téh, nalika réngsé ka perpustakaan daérah atawa réngsé ka warnét.

Batagor anu kawilang cocog keur kuring nyaéta Batagor Mang Udin. Tempat mangkalna saméméh ganti ngaran jadi Dago House nyaéta Kafé Popeye. Teu ngahaja sabenerna ngabatagor di éta tempat, nalika hiji mangsa diajak papanggih babaturan kusabab manéhna muka usaha warnét di lanté 2.

Harga batagor teu jauh béda jeung harga kadaharan séjén anu dijual di sapanjang Jl. Ir. H. Juanda. Ngan biasana Batagor Mang Udin mah diitung ku jumlah eusina, umpamana: tahu goréng hargana kana 3 nepi ka 4 rébu, sapiringna téh bisa opat nepi ka lima jinis eusina. Harga sapiringna antara 12 nepi ka 16 rébu.



Keur kuring sorangan, diuk jeung ngadahar Batagor di éta tempat bisa diselangan ku sabari tulas-tulis. Taun 2004-2007 mah can kawas kiwari. Ngetik téh nya ngetik baé teu bisa dilakonan sabari onlén. Aya sababaraha karya tulis anu kungsi medal dina majalah sastra di antarana dihasilkeun nalika kuring nyerat di éta tempat.

Dua dékade ti harita, Kafé Popeye geus robah – arék waruga wangunan- ogé ngaranna. Ti saprak di éta wewengkon diwangun Pédéstrian Dago, Kafé Popeye ganti ngaran jadi Dago House. Anu dijual ogé asalna Batagor jeung sangu goréng téh kiwari geus diimplik-implikan ku kadaharan jeung inuman modérn, aya hamburger, kopi, lemon tea, jrrd.

Harga sapiring batagor mangsa kiwari, sabeberna teu jauh béda jeung taun 2004 lamun niléy rupiah dikonvérsikeun kana dollar. Bédana, ayeuna mah harga Batagor teu itung ku jumlah jinis eusi Batagorna tapi di-flat-keun 25 rébu sapiring. Nya, dina saku aya duit 50 rébu ogé geus bisa mesen sapiring batagor jeung sagelas juice atawa lychee mojito.

Batagor Mang Udin, Dago House, jeung naon hal anu aya di éta tempat teu kaasup jinis warung kuliner élit da masih kahontal ku barudak sakola ogé. Ngan, lamun dibandingkeun jeung sababaraha kafé anu kawilang élit di Sukabumi, nya ceuk kuring mah euweuh bédana, sarua baé salila kadaharan jeung inumanna bisa didahar jeung diinum. Da cara dahar antara di kafé basajan atawa kafé élit asana sarua baé, dihuapkeun, digayem, tuluy diteureuy, kitu pan?

Posting Komentar untuk "Batagor Mang Udin"